B. Daerah

Pertanyaan

aduh gusti anu maha suci
sim abdi rumaos
pangna abdi dumugi ka kesrek
reh ka sepuh parantos ngusir
takabur sareng dir
tega nundung sepuh
Jentrekeun Eusi Rumpaka Tembang Di Luhur!

1 Jawaban

  • Eusi rumpaka tembang di luhur nyaritakeun rasa kaduhung atawa hanjakal saurang budak anu geus rumasa tega ngusir, ngahina jeung nganyerikeun hate ka anu jadi kolotna sorangan pedah eta kolotna teh miskin. Eusi rumpaka tembang bisa leuwih jelas umpama ditilik pada kadua tina eta tembang. Tembang nyaeta lagu Sunda anu kaassup oge wangun puisi anu kaiket ku aturan, nyaeta aturan pupuh. Pupuh nu digunakeun dina eta tembang di luhur nyaeta pupuh mijil.  

    Pembahasan

    Aya 17 rupa pupuh anu dibagi jadi dua kelompok nyaeta Sekar Ageung jeung Sekar Alit. Dina Sekar Ageung aya opat rupa pupuh. Sedengkeun dina Sekar Alit aya 13 rupa pupuh. Pupuh mijil kaasup kana pupuh Sekar Alit. Aya sawatara puisi Sunda nu biasa ngagunakeun aturan pupuh, nyaeta saperti guguritan jeung wawacan. Aturan nu aya dina pupuh disebut guru wilangan jeung guru lagu.  

    Guru wilangan nyaeta jumlah engang nu aya dina unggal padalisan pupuh. Sedengkeun guru lagu nyaeta sora engang tungtung nu aya dina unggal padalisan pupuh. Guru wilangan jeung guru lagu pupuh mijil nyaeta 10-i, 6-o, 10-é, 10-i, 6-i, 6-u.  

    Pupuh atawa tembang mijil di luhur teh anu ngarangna nyaeta Mang Koko. Saperti disebutkeun di luhur yen eusi rumpaka tembang di luhur bisa leuwih jelas umpama ditilik oge pada kadua tina eta rumpaka tembang. Pada kadua tina eta tembang anu di luhur nyaeta:

    pedah sepuh hina sareng miskin (10-i)

    sangsara kokoro (6-o)

    kusim abdi dihina ditoker (10-é)

    moal boa manahna ngerik (10-i)

    lir digerih hinis (6-i)

    manahna mo lipur (6-u)

    Pelajari lebih lanjut

    • Macam-macam pupuh https://brainly.co.id/tugas/1060670
    • Perbedaan kawih dengan pupuh https://brainly.co.id/tugas/330707
    • Unsur intrinsik pupuh https://brainly.co.id/tugas/2370478

    __________

    Detil Jawaban

    Kelas : VIII

    Mapel : Bahasa Sunda - Guguritan

    Bab : 3

    Kode : 8.13.3

    Kata Kunci : Eusi rumpaka tembang

Pertanyaan Lainnya