Jieun masing masing hiji,Kalimah wawaran jembar jeung basajan
B. Daerah
sansdab5934
Pertanyaan
Jieun masing masing hiji,Kalimah wawaran jembar jeung basajan
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Kategori Soal : Bahasa Sunda
Kelas : - (SMP)
Pembahasan :
Aya dua rupa kalimah wawaran, nyaeta kalimah wawaran jembar jeung kalimah wawaran basajan. Kalimah wawaran nyaeta kalimah anu eusina mere nyaho atawa mere beja. Eusi kalimah wawaran henteu ngabutuhkeun jawaban atawa henteu ngabutuhkeun tindakan ti anu narima wawaran atawa ti anu diajak nyarita.
Kalimah wawaran basajan nyaeta kalimah wawaran anu diwangun ku jejer atawa subjek jeung caritaan atawa predikat, sarta bisa ditambah ku udagan (objek) atawa henteu. Sedengkeun anu disebut kalimah wawaran jembar nyaeta kalimah wawaran basajan anu dijembaran atawa ditambah ku katerangan.
Di handap ieu nyaeta conto kalimah wawaran jembar jeung kalimah wawaran basajan :
1. Lia keur maca buku di perpusataan (kalimah wawaran jembar)
2. Lia keur maca buku (kalimah wawaran basajan)