B. Daerah

Pertanyaan

Naon watesan unsur , struktur carita pantun ?

1 Jawaban

  • Carita pantun nyaeta karya sastra Sunda dina wangun ugeran atawa puisi anu ayeuna mah geus langka. Dina tahun 50an carita pantun kungsi ngalaman masa-jayana. Carita pantun teh dina magelarkeunnana sok dibarengan ku kacapi.

    Umpama ditilik tina eusina, puisi Sunda dibagi jadi dua kelompok, nyaeta puisi anu eusina mangrupa carita jeung puisi anu eusina henteu mangrupa carita.  

    Pembahasan

    Conto puisi anu eusina mangrupa carita nyaeta carita pantun jeung wawacan. Sedengkeun conto puisi anu eusina henteu mangrupa carita nyaeta sisindiran, mantra, guguritan jeung kakawihan. Jadi, carita pantun eusina mangrupa carita.

    Eusi atawa struktur carita pantun dibagi jadi genep bagian, nyaeta :

    1. bagian rajah  
    2. bagian narasi  
    3. bagian deskripsi  
    4. bagian dialog  
    5. bagian monolog  
    6. bagian rajah panutup  

    Dina bagian deskripsi, aya eusi deskripsi anu dibacana sok bari dihaleuangkeun, kusabab kitu eusi anu aya dina bagian deskripsi teh sok disebut oge "papantunan". Papantunan dina bagian deskripsi ieu mangrupakeun bagian anu dipikaresep ku anu lalajo.

    Umpama dibandingkeun, carita pantun atawa papantunan beda jeung pantun nu aya dina basa atawa sastra Indonesia. Pantun anu aya dina basa Indonesia mah sarua jeung sisindiran nu aya dina basa Sunda. Saperti disebutkeun di luhur, dina puisi Sunda, sisindiran kaasup puisi anu eusina henteu mangrupa carita. Sedengkeun carita pantun nyaeta wangun puisi anu eusina mangrupa carita. Jadi, carita pantun atawa papantunan hartina beda jeung pantun anu aya dina sastra Indonesia.  

    Pelajari lebih lanjut

    • Ciri-ciri carita pantun https://brainly.co.id/tugas/10062211
    • Pengertian carita pantun, dalam bahasa Sunda https://brainly.co.id/tugas/9947699
    • Fungsi carita pantun https://brainly.co.id/tugas/12323743

    __________

    Detil Jawaban

    Kelas : XII

    Mapel : Bahasa Sunda - Carita Pantun

    Bab : 2

    Kode : 12.13.2

    Kata Kunci : carita pantun, wawacan, struktur carita pantun

Pertanyaan Lainnya