eusi jampe ngarah calakan
Pertanyaan
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Jampe Ngarah Calakan nyaeta salahsahiji judul jampe. Jampe nyaeta kaasup kana rupa-rupa mantra. Umpama ditilik tina kekecapanana, mantra teh kaasup kana karya sastra dina wangun ugeran atawa puisi. Mantra kaasup kana wangun puisi anu henteu kaiket ku aturan, saperti sajak.
Pembahasan
Jadi, sanajan jampe atawa mantra teh eusina kekecapan anu dipercaya mujarab, mantra atawa jampe teh kaasup kana puisi Sunda. Di handap ieu nyaeta eusi jampe Ngarah Calakan:
Jampe Ngarah Calakan
Otak éncér lir paser jamparing
Panon seukeut lir panon heulang
Haté ngagebray caang lir srangéngé
Biwir matuh saciduh metu saucap nyata
Bray paningal pinuh ninditu ka awaking
Rupa-rupa mantra nyaeta saperti jampe, jangjawokan, asihan, ajian, singlar jeung rajah. Ditilik tina wangun eusina, aya dua rupa puisi Sunda, nyaeta puisi anu eusina mangrupa carita jeung puisi anu eusina henteu mangrupa carita. Mantra kaasup kana puisi Sunda anu eusina henteu mangrupa carita.
Conto puisi Sunda lianna, salian ti mantra, anu eusina henteu mangrupa carita nyaeta saperti sajak, guguritan, sisindiran jeung pupujian. Sedengkeun conto puisi Sunda anu eusina mangrupa carita nyaeta saperti wawacan jeung carita pantun.
Dumasar kana pendapat sababaraha ahli, mantra teh geus aya dina mangsa animisme anu dipercaya ku urang Sunda harita. Beuki ka dieunakeun, mantra kapangaruhan ku agama anu dianut ku urang Sunda, nyaeta agama Islam. Bukti eta bisa kaciri dina sababaraha mantra anu make kecap-kecap anu asalna tina basa Arab atawa anu aya dina ajaran agama Islam.
Pelajari lebih lanjut
- Eusi jampe Indit-inditan https://brainly.co.id/tugas/4080661
- Maksud jampe Indit-inditan https://brainly.co.id/tugas/4019304
- Eusi jampe Raheut/Kakeureut https://brainly.co.id/tugas/3958850
__________
Detil Jawaban
Kelas : XI
Mapel : Bahasa Sunda - Mantra
Bab : 3
Kode : 11.13.3
Kata Kunci : Jampe, singlar, rajah, mantra, puisi Sunda