Eusi sisindiran kebon cau di mumunggang,ka handapna gawir dano
B. Daerah
febina4954
Pertanyaan
Eusi sisindiran kebon cau di mumunggang,ka handapna gawir dano
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Kategori Soal : Bahasa Sunda - Sisindiran
Kelas : VIII (2 SMP)
Pembahasan :
Sisindiran mangrupa karya sastra Sunda dina wangun ugeran atawa puisi. Aya tilu rupa sisindiran, nyaeta paparikan, rarakitan jeung wawangsalan. Dina sapada paparikan jeung rarakitan aya opat padalisan. Sedengkeun dina sapada wawangsalan aya dua padalisan. Dina sisindiran aya bagean cangkang atawa sampiran jeung bagean eusi.
Dina paparikan jeung rarakitan, padalisan kahiji jeung padalisan kadua mangrupa cangkang, padalisan katilu jeung padalisan kaopat mangrupa eusi. Sedengkeun dina wawangsalan, padalisan kahiji mangrupa cangkang, padalisan kadua mangrupa eusi. Di handap ieu nyaeta rumpaka salengkepna tina sisindiran anu ditanyakeun :
kebon cau di mumunggang
ka handapna gawir dano
mun hidep boga kahayang
ikhtiar sing soson-soson
Dina unggal padalisan biasana aya dalapan engang. Umpama ditilik tina eusi atawa maksud sisindiran, aya sisindiran anu eusina mangrupa papatah atawa piwuruk, aya sisindiran anu eusina mangrupa silihasih, jeung aya oge sisindiran anu eusina mangrupa sesebred atawa heureuy.
Nilik kana sisindiran anu di luhur, eta sisindiran teh mangrupa sisindiran paparikan. Sedengkeun umpama nilik kana eusi atawa maksudna, eta sisindiran teh mangrupa sisindiran anu eusina piwuruk.
Umpama nilik kana wangun eusina, sisindiran teh mangrupa wangun puisi Sunda anu eusina henteu mangrupa carita. Aya dua rupa puisi Sunda, nyaeta puisi anu eusina mangrupa carita jeung puisi anu eusina henteu mangrupa carita. Conto puisi Sunda anu eusina mangrupa carita nyaeta saperti wawacan jeung carita pantun. Sedengkeun conto puisi Sunda lianna anu eusina henteu mangrupa carita, salian ti sisindiran, nyaeta saperti sajak, guguritan jeung mantra.